HANJELU


Mang Romli nyuuh dina pusara anakna, manehna ceurik balilihan hatena asa diturihan. Ujang anak lalakina hiji-hijina, nu tinggal dua poƩ deui ngangsitkeun jadi sarjana teknik, tilar dunya.

Ujang teu kuateun nanggung  panyakit paru-paru nu salila 2 tahun ieu tuluy ngagorogotan awakna nu baheula badag jadi nyolorot leutik. 



Usaha dagang di kaki lima, nu dijalankeun mang Romli diganti ku Ujang keur ngabiayaan sakola manehna jeng adi-adi, sabenerna mang Romli teu pati satuju Ujang sakola tepi ka perguruan tinggi, mang Romli ngarumasakeun maneh teu sanggup lamun kudu ngawaragadan sagala kabutuhan kuliah nu mahal.

Tapi kabeneran ti baheula Ujang ka asup siswa nu boga prestasi leuwih tibatan babaturanna di sakola, lulus SMA Ujang menang beasiswa nu ngan sauukur tepi ka semester 2.

Mang Romli jeng pamajikanna kacida bungah, mirahep anakna bisa ngarobah nasib keluarga, sabalik kuliah Ujang pasti nunungguan jongko kaki limana di puseur dayeuh. ku sabab jadwal kuliahna nu pinuh, Ujang leuwih loba nungguan ti peuting, Ujang teu tega ninggali bapakna pak pik pek sorangan, jaba dua adina sarua oge butuh biaya.

Di lembur Mang Romli rata-rata nu saumuran Ujang geus teu ngararipuhkeun kolot, aya nu ngarantau digarawe ka kota, buburuh jadi kuli bangunan atawa jadi supir.


                                                                                  @@@
Tisaprak anakna kuliah, kalakuan Mang Romli rada robah, manehna rada adigung jeng sok rajin ngawawar Ujang ka tatanggana nu jarang keneh sakola luhur. 

"Anak kuring mah, bakal jadi jalma gede langsung digawe di gedung anu luhur, gajina oge gede, lamun anak kuring geus digawe sok anak maneh dek ngilu oge," ceuk Mang Romli ka mang Ano nu keur jajan di warung.

"Syukur atuh mang ari kitu mah," jawab mang Ano bari nyuruput kopi hideung.


Lima poe Ujang teu indit ka kampus, batukna teu ereun ti beurang jeng peuting, indungna menta ka bapakna sangkan Ujang buru-buru dibawa ka rumah sakit.

"Teu kudu emak, Ujang ayeuna rada mendingan, lebar emak biaya rumah sakit bisa dipake jang sakola Titi jeng Nina,”  

"Ulah kitu Jang, panyakit mah ulah diantep, kan ayeuna Ujang butuh awak nu sehat jang mereuskeun sakola, lamun Ujang geuring wae kieu kan teu bisa kukumaha, " ceuk bi Romli ngagedekeun hate anak cikalna, nu geus teu walakaya hudang tina tempat sarena bari terus teu ereun ngohkoh batuk.


                                                                            @@@

Bi Romli nyusul mang Romli ka tempat dagang, hatena geus tagiwur ninggali kondisi anakna. Tibarang mimiti Ujang ngidap radang paru-paru, Ujang rajin barobat ka puskesmas, harita kaskitan Ujang rada ngurangan, tapi ku sabab Ujang loba kena angin peuting jeng cape ngabereskeun skripsina, Ujang loba teu malireu kana kasehatanna, unggal poƩ batuk tepi ka teureunna.

Bulan kamari kungsi barobat ka dokter di rumah sakit, Ujang kudu loba istirahat jeng ulah angin-anginan wae, ku rasa tanggung jawab nu gede Ujang teu tega ninggali indung jeng bapakna ripuh usaha.

"Pak ayeuna mah anteur Ujang ka rumah sakit," can pati deukeut ka warung, Bi Romli geus ngagorowok ka mang Romli nu keur ngumbah wadah.

"Kumahaayeuna si Ujang?, urang tutup wae warungna,"


Mang Romli jeng Bi Romli ngageudik leumpang ka imah dokter nu jarakna kira-kira 200 meter di warungna.

Di imah geus nyampak adi-adi Ujang, Nina jeng Titi nu kakara balik sakola, "Mak Aa Ujang diguyah-guyah naha teu gugah,"

Bi Romli anu karek tepi buruan imahna ngaleketeuy, awakna asa teu kuat deui jang lempang saenggeus ngadenge omongan Titi, Mang Romli jeng Pak Dokter Kemal  buru-buru asup ka imah, tuluy ka kamar Ujang. Nina jeng Titi ngagendeng awak bi Romli, ngadiukkeun indungna dina korsi sudut nu geus soek kaenna.

"Hapunten pisan pak, Ujang tos teu aya," ceuk Pak Dokter Kemal.

                                                                         @@@

Langit sore cedeum, Mang Romli masih keneh can ingkah ti pusara Ujang, batinna asa diteungteuingan ku Gusti Nu Maha Suci, anakna nu dibanggakeun dipunut pas pisan ceuk kaca mata manusia kari ngala buahna.

Lengeun  ki Uhan, nyekel taktak Mang Romli, "Enggeus ayeuna urang sarerea tinggal narimakeun, Ujang geus menang tempat nu merenah, ulah aya pipikiran diteungteuingan ku Pangeran nyokot kabagjaan, malah nu aya urang kudu ngadoakeun jeng soson-soson milampah perilaku hade, hirup mah ngan saukur heheuy jeng dedeh. Teu bisa dihayang-hayang, teu bisa diembung-embung," pok Ki Uhan ngagendeng Mang Romli balik.

Cimata mang Romli  nyurucud jiga hujan nu turun sore harita, di imah tatangga Mang Romli ngarumpulmaraca Yasin jeng tahlil.
 
“Ujang hampura bapak jeng emak teu bisa nyugemakeun,” Mang Romli ngagerenteus tina hate.



Carpon ieu kantos di kintun ka salah satu koran di Jabar, ku margi teu aya kritik sareng saran ti redakturna sareng teu kantos diterbitkeun. Daripada disimpen dina file komputer, langkung sae diunggah dinu blog pribadi, sugan aya nu bade masihan kritik sareng saran sim kuring bungah pisan


Comments